Русия води позорна война срещу Украйна.     Бъдете с Украйна!
  • Non/Disney Fandubs

    Ieu otéwé [How Far I'll Go] • How Far I'll Go

    Гостуващи изпълнители: Grace the Garlic
Споделяне
Размер на шрифта
Оригинално заглавие (без транслитерация)

Текст на „Ieu otéwé [How Far I'll Go]“

Abdi unggal poé gawé na ngajentul di
Sisi laut, teuing kunaon na mah
Abdi teu betah hirup di dieu
Hoyongna ka laut waé, ngan ceuk abah teu kedah
 
Geus dibéjaan "ulah ka laut"
Ceuk ema ogé, "ulah ka laut"
"Lamun tilelep, engké kumaha?"
Kumaha engké!
 
Abdi mah ulin resepna téh ka laut
Ulah dibéjaan ka abah jeung ema
Lamun aya jelema nu ambek sok gorowok
"Ka laut wé!"
Lamun kitu mah tangtu abdi laksankeun
 
Hirup di dieu mah da ngeunah, jelemana barageur
Nuhun dawegan na, A
Kumaha ieu cara mukana euy, eweuh nu nulungan abdi
Geuning keur langlayangan
 
Geus dicobian, ngan teu tiasa
Jadi budak bageur hésé ogé
Naha, asa aya nu gorowok
"DASAR BANTANGGUL!"?
 
Abdi mah ulin resepna téh ka laut
Pang béjakeun atuh ka abah jeung ema
Ku sabab lamun tos ambek sok ngagorowok
"Ka laut wé!"
Éta abdi tangtu laksanakeun
 
Abdi mah ulin resepna ka laut
Pang béjakeun atuh ka abah jeung ema
Ku sabab lamun tos ambek sok ngagorowok
"Ka laut wé!"
Ieu otéwé!
 

 

Коментари