• Indonesian Folk

    Reumbeuy Bandung

Podziel się
Font Size
sundajski
sundajski
Ari reumbeuy, reumbeuy, reumbeuy Bandung
Ngareumbeuy dina jambangan
Ari heureuy, heureuy, heureuy Bandung
Heureuy gé jeung kasopanan
 
Hayu batur, urang ka Soréang
Karéta Api ti guling
Hayu batur, urang, urang téang
Urang api-api ulin
 
Ari lilin, lilin, lilin Bandung
Geus hurung sok poék deui
Ari ulin, ulin, ulin Bandung
Geus embung sok daék deui
 
Sanajan aya, aya talina
Moal cara jeung areuyna
Sanajan aya, aya gantina
Moal cara jeung anjeunna
 
Kapan abdi, gaduh, gaduh suweng
Naha henteu dipongpokan
Kapan abdi keur ba, keur baluweng
Kunaon teu dilongokan
 
Daun randu, daun, daun gédang
Daun cabé beunang moé
Unggal minggu, abdi, abdi téang
Unggal poé bisi capé
 
Ari reumbeuy, reumbeuy, reumbeuy Bandung
Ngareumbeuy dina jambangan
Ari heureuy, heureuy, heureuy Bandung
Heureuy gé jeung kasopanan
 
Hayu batur, urang ka Soréang
Karéta Api ti guling
Hayu batur, urang, urang téang
Urang api-api ulin
 

 

Komentarze