• Indonesian Folk

    Manuk Dadali

Share
Font Size
Sundanese
Sundanese
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk
 
Saha anu bisa nyusul kana tandangna?
Gandang jeung perténtang taya bandingannana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karémpan kasieun nébér wawannena
 
Manuk Dadali, manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali, pangkakon carana
Resep ngahiji, rukun sakabéhna
 
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk Dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonésia
 

 

Comments